Dina bursa transfer pemain, Persib jadi tim anu paling “buas” neangan pemain anyar. Nepikeun ka miceun pemain anu sabenerna mah performana teu bisa dinilai goreng.
Tapi ai salaku bobotoh sejati mah teu kudu kuciwa kana pemilihan pemain. Nu penting mah Persibna maen cantik jeung sportif. Jiga laguna Pas Band pokokna mah.
Ngan nu matak haneueul teh pemain nu diincar malah euweuh nu jadi. Bisa jadi masalah birokrasi agen anu malah ngahesekeun atawa oge pemain asing anu pikaseubeuleun.
Nepi ka kiwari aya 23 kakuatan Maung Bandung. Tinggal dua pemain deui anu rek direkrut. Saperti ceuk wa haji ka redaksi simamaung,
“Iya betul, kami membutuhkan dua pemain lagi. Sebenarnya 23 pemain sudah cukup, tapi, kami menjaga, karena pra kompetisi masih panjang. Kami fokus ke liga. Dari pada terlambat, lebih baik dari sekarang. Kami target juara, jadi kami ingin serius,”
Kacatat nama nu baru direkrut the Matsunaga, Wildansyah, Jupe, Supardi, Erick Weeks, jeung pemain-pemain ti Persib Junior.
Cenah mah digosipkeun Firman Utina anu teu perpanjang kontrak jeung Sriwijaya oge Jajang Mulyana anu hayang ngabela tanah kelahiranna.
Tapi ai prediksi mah bisa-bisa wae. Nu penting mah Persib tetep JAYA!

EmoticonEmoticon