Selasa, 31 Januari 2017

Kota Santri Butuh Pemimpin Nyantri


Nu kedah diemutan ku pembaca nyaeta ieu judul sanes ngarahkeun ka salah sahiji pasangan Kandidat Walikota/Wakil Walikota.

Simkuring salaku asli urang Tasik ngan hoyong ngutarakeun unek-unek kana pemilu Pilkada Tasik tahun ayeuna. Kusabab KTP simkuring ayana di Kabupaten, janten teu tiasa milih Walikota sareng Wakil Walikota.

Ngan simkuring teh boga mimpi saren kasieunan. Nu kahijina mimpi anu hoyong ngembangkeun Tasik. Nu kaduana teh kasieunan simkuring ningali fenomena tanda-tanda akhir zaman nepi ka samet ayeuna.

Sabenerna mah mimpi simkuring mah teu muluk-muluk kana perkembangan kota Tasik. Ngan tetep jadikeun jeung tingkatkeun “status” Kota Santri anu geus nempel dina Kota ieu teh. Ayeuna teh jelema keur ngalaman krisis agama. Agama teh malah dijadikeun bahan olok-olokan henteu dijadikeun pedoman hirup urang.

Jadina program-program kerja anu ditawarkeun ku para kandidat teh kudu bener-bener diperhatikeun. Ulah nepi ka salah milih. Ulah nepi ka kabita duit kampanye. Naudzubillah.

Tong loba gaya ayeuna mah. Agama nu kudu dipikirkeun mah.

Ai milih pemimpin dina wadah demokrasi zaman kiwari teh masih bisa disebut milih ucing dina jero karung. Kecuali emang pemimpin anu kafir jeung pemimpin anu teu boga visi misi kana program keislaman. Tah pemimpin kawas kitu mah geus jelas ulah dipilih.

Tingali we saha pendukungna. Kumaha karakter partaina sholeh atawa salah? Program kerjana sholeh atawa salah? Jelemana sholeh atanapi salah?

Simkuring mah tetep ngaduakeun kanggo Kota Santri ameh leuwih nyantri  tur dipimpin ku pemimpin nu nyantri oge. Program-programna inovatif jeung kreatif kanggo kamaslahatan umat.

Upami salira kahoyong jiga kumaha pemimpin Tasik teh?

Portal berita, informasi dan kabar seputar kota Tasikmalaya dan sekitarnya yang diulas secara tajam dan dapat dipercaya.


EmoticonEmoticon