Rabu, 07 Desember 2016

Febri Haryadi dan Makan Konate Bakal Jadi Duet Maut?


Febri Haryadi, Aset muda Persib Bandung kalahiran 19 Februari 1996 geus nunjukkeun talenta masa depan Persib. Moal lila jigana budak asli didikan Persib ieu bakal dipanggil Timnas. Lain ngan saukur ngomong tapi fakta di lapangan geus kabuktikeun. Ngan hanjakal kebijakan hiji tim ngan ukur bisa ngirimkeun dua pemain jang ka timnas eta jadi ganjelan Febri asup timnas.

Sepak terjang ti awal mula gabung timnas senior geus jadi target sasaran tim lawan. Lawan Persija kamari manehna dilanggar nepi ka dadana memar. Bodorna malah dibere kartu kuning hungkul eta si wasit. Kumaha damang, Pak Wasit?

Nu kamari pisan tandang lawan Barito Putera akselerasina ngariweuhkeun bek lawan. Malah nepi ka diributkeun pas insiden Barito Putera nengkrang deket kotak 12. Cenah mah kudu fair play Padahal wasitna ge teu niupkeun piriwit mikeun tanda. Kumaha damang, Barito?

Senin (5/12) kamari aya nu spesial jang orang Garut. Kunaon? Kusabab aya pertandingan uji coba antara T-Team asal Liga Super Malaysia jeung Persigar Garut. Nu matak spesial nyaeta ayana Makan Konate, si anak hilang anu memperkuat T-Team.

Saha nu ngaragukeun Makan Konate? Pahlawan Persib juara ISL 2015 eta nunjukkeun kapasitas di atas rata-rata. Ceuk beja ti Simamaung pak Umuh salaku manajer Persib masih nyimpen perhatian jeung bakalan ngarekrut deui eta punggawa nomor 10 asal Mali.

“Ya hari ini (Selasa 6/12) rencananya saya mau bertemu dengan agen Konate Mamadou. Buat membicarakan bagaimana Konate kedepannya. Ya memang keputusan juga ada di agen, tapi secara pribadi Konate siap untuk main di Persib.” Saur Umuh.

Lamun misalkan deal eta kesepakatan, lincahna Konate ditambah mamprangna Febri bakalan jadi duet maut Playmaker jeung Winger nu mengerikan. Diantos pisan kontribusi. Persib Rindu Juara (deui)! Jayalah Persibku!

Portal berita, informasi dan kabar seputar kota Tasikmalaya dan sekitarnya yang diulas secara tajam dan dapat dipercaya.

This Is The Oldest Page


EmoticonEmoticon